Kecap Rajékan
Kecap rajékan (reduplikasi) nya éta kecap anu
diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagéan atawa sagemblengna, robah sorana
atawa henteu. Babagianana:
a. Dwipurwa
Dwipurwa asal kecapna tina ‘dwi’ hartina dua; ‘purwa’
hartina mimiti. Jadi harti sagemblengna nya éta kecap anu engang (suku
kata) nu mimiti disebut dua kali. Conto:
Delly tetempo baé
Conto séjénna : cacabok, popolotot, tatajong, popolah, bibilintik,
jrrd.
Dwipurwa nurutkeun hartina :
1) lain nu boga
lalakon
: bubuntut
2) barang nu
siga
: sisiku,
babantal, jrrd.
3) nuduhkeun
alat
: kakait,
cocolok, jrrd.
4) nuduhkeun kecap semu/samar
: pépéték, papagon, pipiti,
ririwa, jrrd.
5) nuduhkeun kecap
abstrak
: papayung, bébénténg, kokojo, jrrd.
Dwipurwa ditambah rarangkén:
Dwipurwa bisa dirarangkénan ku rarangkén an atawa eun.
Nurutkeun hartina dwipurwa nu dirarangkénan bisa kabagi
jadi:
1) leuwih ti
sakali
: seuseurian, gogorowokan, totojéran, jrrd.
2) barang
tironan
: momobilan, kokorsian, iimahan, paparahuan, bebedogan, jrrd.
3) rupa-rupa
: bubuahan, kekembangan, pepelakan, beubeutian, jrrd.
4) babagian
badan
: mumuncangan, cacariuan, peupeuteuyan, jrrd.
5) mindeng
makéna
: sasapédahan, momotoran, kakarétan, jrrd.
6)
asa
: singsireumeun, seuseuneueun, jrrd.
7)
kasakit
: jeungjeuriheun, sisidueun, jrrd.
8)
kalakuan
: pupujieun, beubeulieun.
b. Dwilingga
Dwilingga nya éta kecap nu dirajék sagemblengna, aya nu
robah, aya ogé nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebut dwimurni,
sedeng nu robah disebutna dwiréka.
1) Dwimurni. Conto:
a. nuduhkeun
loba
: bangku-bangku, samak-samak, méja-méja, jrrd.
b. rupa-rupa, sarua
sipatna
: amis-amis, haseum-haseum, pait-pait, jrrd.
c. lila
milampahna
: nimbang-nimbang, mikir-mikir, jrrd.
d. nuduhkeun
siga
: siku-siku, jrrd.
e. nuduhkeun
kahanjakal
: geulis-geulis, kasép-kasép, pinter-pinter, haji-haji, jrrd.
2) Dwiréka. Conto:
a. nuduhkeun
rupa-rupa
: unak-anik, tulang-taléng, babak-bubuk, jrrd.
b. leuwih ti sakali
migawéna
: luak-lieuk, tumpa-tempo, kubat-kobét, jrrd.
c. nuduhkeun leuwih ti
hiji
: jul-jol, cug-ceg, sur-sor, jrrd.
3) Dwisasana
Kecap rajékan ngan nu dirajék engang (suku
kata) nu panungtung wungkul.
Upamana: pudigdig, pudugdug, cikikik, cakakak,
jrrd.
4) Trilingga
Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali
bari jeung robah sorana.
Upamana : dag-dig-dug, hah-héh-hoh,
pak-pik-pek, jrrd.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar